" Selamat Datang... PadaBlog SMPN 1 Cisarua Sumedang Semoga Bermanfaat.... dan Kami Tunggu Saran serta Kritikannya..... Terima Kasih Atas Kunjungannya.....@By Hats'2013 "

PROFIL SMP

PROFIL SMP
Profil SMPN 1 Cisarua Sumedang

Selasa, 14 Juni 2016

PENSI SMP NECIS 2015/16

ASSLAMU'ALAIKUM WRBB.
SAMPURASUN......!

      Warga SMPN 1 Cisarua......PENSI teh kapanjangan tina Pentas Seni.... nungaranna pentas meren sagala rupana oge, diantarana disegi materi, ekspresi, rejeng properti meren kudu diperhatikeun pisan... Jadi singketnamah meren teu bisa ngamomoreken salah sahiji eta nutilu poko. Mun katilu poko eta kasubadanan mereun insaAlloh ..... pentas seni eta moal nguciwakeun. Memang dina empronamah katilu poko etateh mereun bisa disubadanan mun aya biayaya nu nyukupan sapuratina.
       Ari PENSI disakolamah nudi kaharepkeunteh dina segi pendidikanana..... seni lain saukur seni murni komo jeng nepi ka nyiptakeun senimanmah .....naha kitu da ari SMP mah mereun sakola umum, nu tangtuna oge siswanateh aya anu berminat aya oge nu teu minat kana seni....Jadi dumasar kana ieu tangtu bae pihak guru mata palajaran teu bisa maksakeun kasiswana. Paling oge nepi ka siswa boga pangalaman berkesenian, lian ti eta siswa nu berminatmah meren tangtu hiji dasar keur ngembangkeun potensina keur kahareupna.
       Sakituwenya............soal PENSImah......Warga sakumna nu luha-loho kaieu rohangan pasti panasaran.... mana meureun kagiatanana.
Sok .....atuh der......................! Geura apresiasi......!

 Cape geuning tos Pensi teh, babakunamah panas kacida......
Ngaso heula ah sareng Bapa Kepsek, bari ningal nusanes giliran pentas.


 Nu giliran Pentas....

Nuju dipoto heula....


Nu Pentas deui...


Diselang heula nuhoyong di poto deui
.

Nu  uji nyali jeun oray....

Nepangkeun sareng  wanoja...nu janten gitaris

Toss....heula  .dicekapkeun  dugi kadieu .....
»»  Untuk Selengkapnya...

Jumat, 27 Mei 2016

BANGKIT KEMBALI.......SETELAH SEKIAN LAMA ........

SEMANGAT BARU....
DENGAN.....PUPUHU BARU.......
MUDAH-MUDAHAN

       Assalamu'alaikum warrahmatullahiwabarrakatuh....!
Wilujeng tepang deui sareng pangasuh Blogna SMPN 1 Cisarua Sumedang...... Langkung tipayun Simkuring neda sihampunten wirehna tos tamelar .....lurjen ......ngantep rohangan ieu, manawiteh bade aya nu nyuluran eh...da panginten pada-pada sibuk, dugi kapopohokeun. 
Sakali deui Simkuring sareng rengrengan nyuhunkeun dihapunten tina sagala kalepatan sareng kaluluputan nu tos dipilampah kusimkuring sadaya. 

      Warga SMPN 1 Cisarua, hayu....ah urang nguniang deui.....tos lawas geuning urang teh ngadon.....ngadedempes.....teu aya nu di beritakeun....naon..-naon. Sok ah urang.... tiayeuna urang babarengan deui ngainformasikeun deui kegiatan nuaya di SMPN 1 Cisarua mudah-mudahan bae aya manfaat sareng paedahna kaurang sadaya. Amiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiin........!

Tah ieu salahsahiji kegiatan nu aya di SMP Necis teh....: 
Lepas Sambut Pupuhu dina taun ajaran 2015/2016
 Simbolik serah terima kalungguhan


Ibu sareng bapa guru nungajajap pupuhu enggal

  

Pang reah-reah Jaipongan ku tilu mojang lenjang.
Lumayan aya ..... saweran....geuning.

»»  Untuk Selengkapnya...