" Selamat Datang... PadaBlog SMPN 1 Cisarua Sumedang Semoga Bermanfaat.... dan Kami Tunggu Saran serta Kritikannya..... Terima Kasih Atas Kunjungannya.....@By Hats'2013 "

PROFIL SMP

PROFIL SMP
Profil SMPN 1 Cisarua Sumedang

AGAMA

DISINI LAMAN UNTUK HAL AGAMA , SILAHKAN.....



NYAMBUT BULAN RAJAB
( Ku Ihat tea)

  Hayu...hayu....hayu........!!! urang sharolat nu bener jeung nu harusyu samemeh datang waktuna ...... urang   disholatkeun...!





 Assalamu 'alaikum warrahmatullahi wabarrakatuh
       Mungguh di dunya geuning urang teh duka bakat ku sibuk / raripuh duka kulantaran betah di dunya teh......kumaha teukitu .... ray taun ray bulan ray minggu rejeung ray poeteh mani kuasa tereh, bulan Rajab taun katukang rarasaan teh asa karek bieu kaliwat...... ambuing-ambuing ayeuna geus Bulan Rajab deui... atuh tos Rajab teh, Rewah,....tos Rewah teh ..geus pasti urang teh nincak bulan Puasa / saum. nu tangtu ditungtungan ku poe Lebaran nu sok dianti-anti ku urang sarerea.
       Dina ieu tulisan nyokot judul " Nyambut Bulan Rajab ", urang pedar ngenaan naon atuh Bulan Rajab teh ? Memang ceuk saliwatmah mereun da sarua bae rek poe, rek bulan, boh taun kabeh oge alus mungguh Alloh.... tapi teu kituna saupama kuurang ditalungtik mah masing-masing ge boga
kaistimewaan ....anu beda-beda,  malahan mun kuurang ditelemanmah tinangtu loba pisan paedah jeung manfaatna ( hikmah ) nu bisa dijadieun pangajaran keur urang sarerea dina enggoning hirup kumbuh di alam dunya ieu parat tepi ka alam akherat.
      Bulan Rajab teh keur umat Islam mah tangtu wae moal birek deui di bulan ieu pisan aya kajadiaan nu 'aheng utamana mah dina tanggal 27 Rajab, nyaeta di Isra mi'raj keunnana Kanjeung Nabi Muhammad SAW, anu ngakibatken dina zaman  harita keneh ka bagi jadi dua kelompok aya nu percaya aya oge nu teu percaya. Anu teu percaya pamikirna pamohalan kajadian eta bener-bener nyata ( maranehna boga anggapan ngan ukur rasa wungkul di Isra Mi'rajna  keunana teh ), ari nu imanmah/nu percaya maranehna boga anggapan mungguh Alloh rek leuwih ti kitu oge pasti kawasaeun. Jadi waktu harita oge gusti Alloh geus nguji kaimanan umatna.... naha rek percaya atawa moal kana kakawsaanana.
       Nu penting tina kajadian ieu nyaeta lahirna parentah Shalat 5 waktu keur sakabeh umat kanjeng Rasul. Sabenernamah kajadian nu kaalaman ku kangjeng Rasul teh sabanding jeug urang saumpama ngalaksankeun Shalat 5 waktu kalawan bener-bener khusyu, naha make sabanding ? Sok bae pikiran ... Israa mi'rajteh eusinamah kurang lewih nyaeta dideheuskeunna Kangjeng Nabi Muhammad SAW pikeun madeup Ka  Gusti Alloh SWT, tah urangge teu beda tikitu dina waktu urang shalat 5 Waktu ( hasil oleh-oleh Isra Mi'raj tea ) apanan sarua ngadeheus ka Gusti Alloh SWT. eta ge mun urangna bener jeung khusyu shalatna. Dina prak-prakanana kudu masing karasa deheuskeun jasmani jeug rohani urang sing gumulung jadi hiji ngahiji mungguh  ka Mantena wungkul (sing karasa ikhsanateh )beh ditu namah karasa ngageblegna cek kidalang mah. Malahan aya nu nyebutkeun yen saumpamana hiji jalma geus bener shalatna mangka geus dipastikeun eta jalma bener amal nu lainna. Wallohu'alam bisawab. Nya urang rarasakeun bae kumaha.......katerangan etateh aya benerna atawa henteu....?!!
       Cag dugi kadieu heula, ieumah  mung saukur sabagian leutik wungkul  perkara sangkut pautna bulan Rajab jeung parentah shalat dina raraga nyambut bulan Rajab, nu laina moal kapedar dina tulisan singket seperti kieu. Elmu Alloh moal kaitung ku urang sanajan kumaha oge. Mudah-mudahan aya manfaatna, amiin.
       Wassalamu 'alaikum warrahmatullohi wa barrakatuh.
»»  Untuk Selengkapnya...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar