Cunduk kana waktu ninggang mangsana didunya mung rancana guratan rejeng patokan nu maha kawasa natrat ayana....manusa moal bisa ngarobahna. Memang urang teh kedah usaha jeung ngado'a....etamah nungawengku kana nasib, mungguh nu maha kawasa tos lumpat kana taqdirmah meuren .....urang kedah tumarima... da memang urang teh rumasa usik malikge dikersakeun ku Anjeuna. Nya kitu deui tos sasabara bulan nu kalangkung nyatana taun 2013, SMPN 1 Cisarua tos ngagaduhan Pupuhu nu enggal, wastana Ibu Ae Sukaesih, S.Pd., M.Pd. nu linggihna
di lebah kiduleun puseur kota Sumedang, pernahna di Baginda. Ari pupuhu SMPN 1 Cisarua nu digentos nyaeta Bapa Toha Saefulhadi, S.Pd., M.M.Pd. ayeuna janten Pupuhu SMPN 1 Paseh. Kukituna dipatempatan nu arenggalna pamugi gusti yang Widi mamaparin kaduanana hidayah sareng inayahna kanggo ngaronjatkeun tina saniskara nu dicita-citakeun. Amiin ya Alloh ya Robbal'alamin.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar